:

2 Babad 15

1

Roh Allah sumping ngauban ka Asarya putra Oded.

2

Asarya ngadeuheus ka Raja Asa, tuluy unjukan tarik, "Kangjeng Raja! Kitu deui aranjeun urang Yuda jeung Binyamin, reungeukeun! Sapanjang Kangjeng Raja tumut ka PANGERAN, ku Mantenna tangtos disarengan, ana Mantenna dipilari tangtos Mantenna mendakan. Sawangsulna upami Raja mungkur ti Mantenna, Mantenna oge tangtos nilarkeun.

3

Urang Israil kantos lami pisan hirup tanpa Allah nu sajati, tanpa imam anu ngawulang, tanpa hukum.

4

Nanging barang katarajang mamala, seug marulang ka PANGERAN, Allah Israil, nareangan ka Mantenna sarta kapendak.

5

Jaman eta taya jalmi anu tiasa lunta aman, margi sakuliah nagara nuju ribut sareng pakucrut.

6

Bangsa-bangsa silih pencet, nagara-nagara silih gencet, karana ku Allah diririweuh ku rupa-rupa mamala.

7

Sing tagen, ulah salempang. Karana damel Kangjeng Raja tinangtos aya pahlana."

8

Ngadangu piwejang Asarya putra Oded kitu, Asa ngaraos teger. Geus kitu anjeunna ngagempur arca-arca sesembahan di sakuliah tanah Yuda jeung Binyamin, kitu deui di kota-kota pagunungan Epraim anu dijabelan ku anjeunna. Altar PANGERAN di buruan Bait Allah diomean.

9

Jalma-jalma ti wewengkon Epraim, ti wewengkon Menase, jeung ti wewengkon Simeon loba anu sumolondo ka Asa, tuluy tetep-tumetep di karajaan anjeunna, lantaran nyarahoeun anjeunna disarengan ku PANGERAN. Asa nimbalan kumpul ka maranehna bareng jeung urang Yuda jeung urang Binyamin,

10

seug maranehna karumpul di Yerusalem, dina bulan katilu taun kalima welas Asa jadi raja.

11

Dina poe eta maranehna ngurbankeun sato-sato beunang ngajarah tea ka PANGERAN, sapi tujuh ratus, domba tujuh rebu.

12

Geus kitu samiuk ngucapkeun jangji seja satia ngabakti ka PANGERAN, Allah karuhunna, seja anut terus jeung ati sanubari.

13

Anu henteu ngabakti ka Mantenna saha bae, kolot, ngora, lalaki, awewe, bakal dipaehan.

14

Breng ngucapkeun ikrar ditarikkeun kalawan nyebut jenengan PANGERAN yen seja nohonan jangjina. Geus kitu ger surak dipirig ku nu nariup tarompet.

15

Sanggeus ngucapkeun ikrar terusing ati sanubari urang Yuda kabeh ngarasa bagja, jadi raresep ngabakti ka PANGERAN. Ku PANGERAN ditampi sarta ti unggal pihak maranehna disina kerta.

16

Raja Asa mecat Maaka, eyang istri tina kalungguhan ibu suri, sabab ngadamel arca anu pikagirukeun, arca Asera. Arcana ku Asa ditigas, dicacag tuluy diduruk di Lebak Kidron.

17

Ari tempat-tempat ngabakti ka brahala ku Asa henteu kabeh digempurna. Tapi sapanjang anjeunna jumeneng tetep sumujud ka PANGERAN.

18

Barang-barang anu ku Abia, ramana, enggeus dibaktikeun ka Allah kitu deui barang-barang tina emas jeung perak anu dibaktikeun ku anjeunna pribadi, disimpen di Bait Allah.

19

Salila tilu puluh lima taun dina cangkingan anjeunna, tara aya perang.

Link: